Senin, 23 November 2026
15:09 WIB
TERKINI
Bandar Lampung Pengangguran Bandar Lampung Turun Signifikan, Tetapi Puluhan Ribu Warga Masih Mencari Kerja Lampung Selatan Bakauheni Makin Ketat: Sinergi Aparat Berantas Narkoba Lintas Sumatera-Jawa Bandar Lampung UMP Lampung 2027 Resmi Naik 7,79 Persen, Lampaui Jakarta Bandar Lampung UMP Lampung 2027 Ditetapkan, Buruh Anggap Jauh dari Kebutuhan Hidup Layak Bandar Lampung Dosen Unila Peringatkan Potensi PHK Massal Akibat Kenaikan UMP Lampung 7,79% Bandar Lampung Jaksa Ungkap Dana Tantiem Mengalir ke Politisi di Kasus Korupsi Migas Lampung Pringsewu Anggota DPRD Pringsewu Pantau Ketat Perbaikan Jalan Raden Intan Wonodadi Pesawaran Pesawaran Prioritaskan Kesehatan Atlet di Porprov X Lampung 2026 dengan Tim Medis Khusus Tanggamus Polres Tanggamus Ungkap Pembobolan Rumah Rp45 Juta, Satu Pelaku Ditangkap di Wonosobo Nasional Era Baru Pemberantasan Korupsi: RUU Perampasan Aset Resmi Jadi Undang-Undang Bandar Lampung Pengangguran Bandar Lampung Turun Signifikan, Tetapi Puluhan Ribu Warga Masih Mencari Kerja Lampung Selatan Bakauheni Makin Ketat: Sinergi Aparat Berantas Narkoba Lintas Sumatera-Jawa Bandar Lampung UMP Lampung 2027 Resmi Naik 7,79 Persen, Lampaui Jakarta Bandar Lampung UMP Lampung 2027 Ditetapkan, Buruh Anggap Jauh dari Kebutuhan Hidup Layak Bandar Lampung Dosen Unila Peringatkan Potensi PHK Massal Akibat Kenaikan UMP Lampung 7,79% Bandar Lampung Jaksa Ungkap Dana Tantiem Mengalir ke Politisi di Kasus Korupsi Migas Lampung Pringsewu Anggota DPRD Pringsewu Pantau Ketat Perbaikan Jalan Raden Intan Wonodadi Pesawaran Pesawaran Prioritaskan Kesehatan Atlet di Porprov X Lampung 2026 dengan Tim Medis Khusus Tanggamus Polres Tanggamus Ungkap Pembobolan Rumah Rp45 Juta, Satu Pelaku Ditangkap di Wonosobo Nasional Era Baru Pemberantasan Korupsi: RUU Perampasan Aset Resmi Jadi Undang-Undang

Kerajaan Jampang Manggung

kerajaan di Asia Tenggara

Bagikan:

Kerajaan Jampang Manggung adalah monarki yang pernah ada dalam sejarah kerajaan Tatar Pasundan di Nusantara yang didirikan oleh Aki Sugiwanca yang tak lain adalah adik kandung Aki Tirem leluhur raja-raja Sunda yang pertama kali mendirikan kerajaan Sunda di Pulosari Banten abad ke 2 masehi.[1]

Sejarah

Karajaan Jampang Manggung diadegkeun ku Prabu Kujang Pilawa kurang leuwih dina abad ka 4 M, dina bulan kawolu taun 330 Saka kurang leuwih dina taun 406 atawa taun 407 M. Samemeh jadi karajaan Jampang Manggung disebutna karajaan Jampang Datar dipimpin ku Raja Sugiwanca atawa disebut oge Aki Wengku. Aki Wengku oge marentah di di karajaan Malabar.

Kujang Pilawa dipulung mantu ku Raja Sugiwanca, ngadahup ka Dewi Anumirti anakna Sugiwanca, sarta dijadikeun raja Jampang Datar ngagantikeun dirina. Ari karajaan Malabar tahtana dipasrahkeun ka alona Sugiwanca nyaeta Gasman sanggeus jadi raja disebut Prabu Sabatan Kati.

Ku Prabu Kujang Pilawa, karajaan Jampang Datar diganti ngaranna jadi karajaan Jampang Manggung pernahna di gunung Jampang Manggung anu ayeuna asup kana pamarentahan kacamatan Cikalong Kulon Cianjur.

Minangka karajaan nu mandiri, Jampang Manggung boga hubungan hade jeung karajaan sejenna saperti jeung karajaan Malabar, Sundapura, Purwakarta jeung karajaan Tanjung Kalapa, lian ti eta aya boga hubungan jeung raja-raja ti karajaan Tarumanagara .

Kujang Pilawa asalnamah ti nagri Para Sunda atawa nagri India ayeunamah. Jaman harita memang India keur jadi puser peradaban dunia, agama Budha keur meumeujeuhna mekar disakuliah dunya. Pikeun harita bakal jadi hiji kahurmatan saumpama bisa ngaraketkeun babarayaan jeung raja India, komo deui bisa mulung mantu ka satria India. Kabeneran sara Satria di India, diantarana resep ngayakeun ekspedisi balayar ka sababaraha nagara pikeun nyiar pangalaman hirup, kitu deui jeung Kujang Pilawa nepika inyana ka karajaan Malabar anu puser dayeuhna di Bandung ayeuna.

Aki Sugiwanca ngarasa sugema pisan sawaktu kadatangan Kujang Pilawa, eukeurmah turunan satria, Kujang Pilawa loba pisan pangaweruhna. Ti mimiti elmu pamarentahan, kadugalan jeung elmu perang, remen dimenta sangkan nurunkeun elmuna ka satria-satria karajaan Malabar jeung Jampang Datar nu dipingpin ku Aki Sugiwanca.

Kujang Pilawa teh inyana raja adil paramarta nu merhatikeun pisan kasajahteraan rahayatna, utamana dina widang atikan moral kusabab kitu Kujang Pilawa merlukeun pisan kahirupan para pandita / guru agama nu harita disebutna teh Ing Paya. Para Ingpaya dipernahkeun hade pisan di pasanggrahan-pasanggrahan.

Dina jaman Kujang Pilawa panghasilan hasil bumi nagara subur ku mangpirang – pirang bubuahan saperti kopi, hajeli, jahe, kupa jrrd. Keur ningkatkeun widang ekonomi dibuka pasar-pasar leutik jeung pasar gede. Sabagian rahayat oge dibere kalaluasaan pikeun dagang di puser nagara sejenna saperti dayeuh Taruma jeung nagri kalapa. Para sodagar ti Jampang Manggung oge loba anu ngajorag ka nagara Indrabumi di deukeut gunung Cereme anu harita kawilang maju kusabab loba didaregdeg sodagar-sodagar ti nagri Benggala, Cina, Campa, Sukaya, jsb. Diantarana mawa pakakas tina emas jeung keramik pikeun ditukeur ku hasil bumi ti karajaan Jampang Manggung. Dina widang kasehatan para tabib ti Jampang Manggung geus kasohor kamamana nepika ka nagri sejenna, malah loba nonoman anu diajar katabiban di nagara Jampang Manggung. Pikeun ngajaga kaamanan nagara, Kujang Pilawa nugaskeun patihna nu disebut Turus Juru Luar nu ngajaga kaamanan diluar jeung dijero karajaan.

Pikeun Turus Juru boga kawijiban ngabimbing masarakat, mere piwejang ngeunaan hukum jeung tugas warga nagara sangkan ulah kabeulit kumaslah criminal jeung palanggaran hukum lainna.

Dina ha lieu karajaan Jampang Manggunung boga pangalaman sawaktu meunang panarajang 800 pasukan ti negeri Daha India anu rek nyoba-nyoba ngajajah Jampang Manggung, teu sakali wae karajaan Daha narajang karajaan Jampang Manggung, ngan kusabab kakuatan pasukan jeung kapimpinan Prabu Kujang Pilawa unggal panarajang pasukan Daha bisa dilumpuhkeun kalayan korban nuloba ti fihak Daha.

Kitu oge sawaktu ratusan pasukan ti bangsa Banggala anu rek ngagunasika kaamanan rahayat Jampang Manggung, pasukan Banggala bisa ditumpes, tuluy sesana diusir kaluar Jampang manggung, sarta teu balik deui.

Ajen Kahirupan Jampang Manggung.

Dina ngurus karajaan jeung ngolah nagara Kujang Pilawa teu kaluar tina ajen karajaan nu disebut Ajen Galuh, Ajen Pananggelan jeung Ajen Galunggung.

Para guru jeung pandita anu boga tugas neuleuman jeung ngajarkeun ajen kahirupan eta disebut Ing Paya, aya oge Ing Paya anu boga kaahlian lain lian ti ngajarkeun ajen Pananggelan, nyaeta Ing Paya anu boga ahli kana ilmu sejenna, saperti katabiban, irigasi, tatanen, supranatural jsb disebutna Ing Paya Agung .

Nu disebut Ajen Galuh the nyaeta tina kocap Galuh, Galeuh jeung Galih nuhartina permata, anu nerangkeun sual Zat nu Maha Kawasa nu disebut Sang Hayang Batara Tunggal anu mere kahirupan jeung nyabut kahirupan kasakabehna mahluk. Dina ajen Galuh ieu diajarkeun oge sual paparahan kana katangtuan ti nu Maha Kawasa.

Sedengkeun Ajen Pananggelan nyaeta : Atikan anu ngabimbing jalma sangkan bisa hirup tumuwuh jeung lingkunganana, nyaah kasasama teu adigung adiguna, teu miboga barang anu lain hakna, tuhu kana adat , bakti ka kolot jeung ka guru, jeung taat ngalaksanakeun kabijakan raja salila teu pasalia jeung katangtuan ajen-ajen nu lumaku . Dina ajen Pananggelan manusia kudu ngalaksanakeun Darma, hartina ngalaksanakeun pakasaban kahirupan sapopoe pikeun kulawarga, nagara jeung bekel ibadah kanu Maha Kawasa, sakumaha diajarkeun ku Adam , Hawa sareng Tsis.

Para Ing Payagung oge ngajarkeun elmu-elmu lainna anu sapopoe bisa digunakeun ku masarakat saperti cara ngurus hewan piaraan samodel ngurus munding, domba, jsb timimiti cara ngangon, cara ngabersihan hewan, jsb. Lian ti eta para Ing Paya mere piwejang sangkan urang Jampang Manggung balansiar dagang sacara jujur, sarta ulah poho ngalaksanakeun darma lamun meunang kauntungan tina dagang.

Anu leuwih utama, para Ing Paya mere piwejang sangkan nyaah ka leuweung kujalan nerapkeun larangan melak tutumuwan di leuwueng kabuyutan anu dipercaya tempat kumpulna arwah karuhun. Hutan anu bisa diala hasilna disebut leuweung raja / leuwueng tutupan.

Ngan upama rek nuar tatangkalan kudu menta kamandang heula ka Patih Sahuang (kuncen leuwweung jeung gunung anu seluk belukna) sangkan lingkungan alam tetep saimbang, antara anu dituar jeung anu kudu dipiara. Adam jeung Sys dipercaya minangka utusan ti Sang Hyang Batara Tunggal pikeun mere cahaya kahirupan ka sakumna manusia.

Ari Ajen Galunggung ngajarkeun kumaha kuduna hubungan manusa jeung alam sabudeureunana sangkan salawasna saimbang. Hubungan manusa jeung binatang dibagi ku sababaraha sikep kusabab aya binatang anu ngabahayakeun, aya oge anu lindeuk, aya binatang anu bisa didahar dagingna aya anu teu meunang didahar, aya binatang anu bisa diporo aya anu teu bisa. Contona Maung, binatang ieu teu meunang diporo lamun henteu asup pakampungan eta oge kudu menta ijin heula Patih Sahung kuncen leuweung anu bisa mere pamadegan sual kasaimbangan leuweung jeung eusina.

Kitu deui bagong, bisa diporo lamun ngagalasak pepelakan, tapi teu meunang diporo lamun asup leuweung kabuyutan, kitu deui daging bagong teu meunang didahar ku jalma, daging bagong bisa dibikeun ka anjing jeung aul kusabab dina sihungnya nyayang roh jahat. Domba leuweung anu asup ka kampung meunang diboro watesna nepika leuweung Raja / leuweung tutupan. Domba teu meunang diboro upama asup ka leuweung larangan / leuweung kabuyutan.

Hayam leuweung jeung manuk leuweung teu meuang di sumpit upama teu penting-penting teuing mah, komo hayam leuweung bikang nu keur endogan teu meunang diporo. Hayam jeung manuk leuweung meunang diporo sabulan sakali eta oge teu meunang leuwih ti hiji, pikeun diaala dagingna jeung buluna nu alus. Manuk Kerak, Cangkurileng, Ciung jeung Beo meunang dipiara umpama nyaho elmuna, kusabab lamun teu bisa miarana matak ngageringkeun si manuk jiwa jeung ragana.

Peusing umpama keur ubar meunang diporo jeung didahar, tapi teu meunang didagangkeun. Umpama didagangkeun hartina geus ngarempag ajar Galunggung kitu numutkeun catetan para Ing Paya sakumaha anu diajarkeun ku Adam, Hawa jeung Sys.

Loba deui ajaran ajen anu diterapkeun dina kahirupan sapopoe urang Jampang Manggung. Kujang Pilawa the raja panutan, hirupna dibaktikeun pikeun kararaharjaan rahayatna, inyana remen mujasmedi ka Sang Hyang Widi sangkan tetep bisa ngajalankeun pamarentahan sakumaha ajaran karuhun, sangkan Adam jeung Sys panuju dialam kalanggeunan. Kujang Pilawa jadi raja Jampang Manggung salila opat puluh taun, samemeh mulang kakalengan Kujang PIlawa hirup mandita jadi Ing Payagung. Kujang Pilawa boga anak sabelas, tahta karajaan diwariskeun ka Danu Sangkalang anakna di cikal, kitu deui patih Jampang Manggung dipasrakeun ka Sanjar Janggala anak kadua Prabu Kujang Pilawa.

Senjata Kujang

250px-Tosa_kembar.png?utm_source=id.wikipedia.org&utm_campaign=parser&utm_content=thumbnail
Tosa kembar

Salila jadi raja Jampang Manggung, Kujang Pilawa dipikawanoh minangka raja sakti mandraguna, jeung taya nu bisa ngelehkeun kadigjayaanana. Ari pusakana nyaeta senjata Tosa. Kamana wae sang prabu miang senjata Tosa taya leupas tina cangkengna, antukna pakarang Tosa loba anu make ampir unggal satria ditiap karajaan ditatar Sunda. Anu helokna, ngaran pakarangan Tosa lila-lila ngaranna ganti jadi pakarang Kujang, kusabab geus jati ciri kagagahan Prabu Kujang Pilawa. Nepika ayeuna pakarangan Kujang jadi ciri pakarangan khas Jawa Barat. Sanggeus mulang kakalanggengan, tahta karajaan Jampang Manggung dipasrahkeun ka anak cikalna nyaeta Danu Sangkalang sedengkeun anak kadua Kujang Pilawa nyaeta Sanjar Janggala diangkat Patih karajaan Jampang Manggung. Lian ti eta diangkat oge sesepuh Ing Payagung nyaeta Aki Seuseupan minangka panasihat raja.

Tradisi

500px-Tradisi_Kerajaan_Jampang_Manggung.jpg?utm_source=id.wikipedia.org&utm_campaign=parser&utm_content=thumbnail
Tradisi ngarak sunat, peninggalan Jampang Manggung.

Konon, salah satu tradisi Kerajaan Jampang Manggung yang saat ini kembali dilestarikan adalah memandikan anak yang telah dikhitan. Tradisi seperti ini diperuntukkan keturunan raja Jampang Manggung sejak ratusan tahun lalu. Prosesi tradisi ini dimulai pagi hari, sejak menjelang matahari terbit dengan mengarak anak-anak yang usai dikhitan menggunakan tandu diiringi kesenian kendang pencak menuju kolam pemandian yang sudah disediakan. Iring-iringan yang dikawal ratusan pendekar tersebut menempuh jarak sekitar satu kilometer. Sempat terhenti sekitar tahun 1970-an karena tidak ada yang mau meneruskannya, belum lama ini Pondok Pesantren Bina Akhlak di Kampung Sawargi Desa Babakan Karet Kecamatan/Kabupaten Cianjur meneruskan kembali tradisi tersebut.[1]

Lihat pula

Bacaan lanjut

  • Ayatrohaedi. 2005. Sundakala: Cuplikan Sejarah Sunda Berdasarkan Naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-330-5
  • Saleh Danasasmita. 2003. Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Kiblat Buku Utama, Bandung. ISBN
  • Yoseph Iskandar. 1997. Sejarah Jawa Barat: Yuganing Rajakawasa. Geger Sunten, Bandung.
  • Darsa, Undang A. 2004. “Kropak 406; Carita Parahyangan dan Fragmen Carita Parahyangan“, Makalah disampaikan dalam Kegiatan Bedah Naskah Kuno yang diselenggarakan oleh Balai Pengelolaan Museum Negeri Sri Baduga. Bandung-Jatinangor: Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran: hlm. 1 – 23.
  • Ekadjati, Edi S. 1995. Sunda, Nusantara, dan Indonesia; Suatu Tinjauan Sejarah. Pidato Pengukuhan Jabatan Guru Besar dalam Ilmu Sejarah Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran pada Hari Sabtu, 16 Desember `1995. Bandung: Universitas Padjadjaran.
  • Ekadjati, Edi S. 1981. Historiografi Priangan. Bandung: Lembaga Kebudayaan Universitas Padjadjaran.
  • Ekadjati, Edi S. (Koordinator). 1993. Sejarah Pemerintahan di Jawa Barat. Bandung: Pemerintah Provinsi Daerah Tingkat I Jawa Barat.
  • Raffles, Thomas Stamford. 1817. The History of Java, 2 vol. London: Block Parbury and Allen and John Murry.
  • Raffles, Thomas Stamford. 2008. The History of Java (Terjemahan Eko Prasetaningrum, Nuryati Agustin, dan Idda Qoryati Mahbubah). Yogyakarta: Narasi.
  • Z., Mumuh Muhsin. Sunda, Priangan, dan Jawa Barat. Makalah disampaikan dalam Diskusi Hari Jadi Jawa Barat, diselenggarakan oleh Harian Umum Pikiran Rakyat Bekerja Sama dengan Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat pada Selasa, 3 November 2009 di Aula Redaksi HU Pikiran Rakyat.
  • Uka Tjandrasasmita. (2009). Arkeologi Islam Nusantara. Kepustakaan Populer Gramedia.
  • E. Rokajat Asura. (September 2011). Harisbaya bersuami 2 raja - Kemelut cinta di antara dua kerajaan Sumedang Larang dan Cirebon. Penerbit Edelweiss.
  • Atja, Drs. (1970). Ratu Pakuan. Lembaga Bahasa dan Sedjarah Unpad. Bandung.
  • Atmamihardja, Mamun, Drs. Raden. (1958). Sadjarah Sunda. Bandung. Ganaco Nv.
  • Joedawikarta (1933). Sadjarah Soekapoera, Parakan Moencang sareng Gadjah. Pengharepan. Bandoeng,
  • Lubis, Nina Herlina., Dr. MSi, dkk. (2003). Sejarah Tatar Sunda jilid I dan II. CV. Satya Historica. Bandung.
  • Herman Soemantri Emuch. (1979). Sajarah Sukapura, sebuah telaah filologis. Universitas Indonesia. Jakarta.
  • Zamhir, Drs. (1996). Mengenal Museum Prabu Geusan Ulun serta Riwayat Leluhur Sumedang. Yayasan Pangeran Sumedang. Sumedang.
  • Sukardja, Djadja. (2003). Kanjeng Prebu R.A.A. Kusumadiningrat Bupati Galuh Ciamis th. 1839 s / d 1886. Sanggar SGB. Ciamis.
  • Sulendraningrat P.S. (1975). Sejarah Cirebon dan Silsilah Sunan Gunung Jati Maulana Syarif Hidayatullah. Lembaga Kebudayaan Wilayah III Cirebon. Cirebon.
  • Sunardjo, Unang, R. H., Drs. (1983). Kerajaan Carbon 1479-1809. PT. Tarsito. Bandung.
  • Suparman, Tjetje, R. H., (1981). Sajarah Sukapura. Bandung
  • Surianingrat, Bayu., Drs. (1983). Sajarah Kabupatian I Bhumi Sumedang 1550-1950. CV.Rapico. Bandung.
  • Soekardi, Yuliadi. (2004). Kian Santang. CV Pustaka Setia.
  • Soekardi, Yuliadi. (2004). Prabu Siliwangi. CV Pustaka Setia.
  • Tjangker Soedradjat, Ade. (1996). Silsilah Wargi Pangeran Sumedang Turunan Pangeran Santri alias Pangeran Koesoemadinata I Penguasa Sumedang Larang 1530-1578. Yayasan Pangeran Sumedang. Sumedang.
  • Widjajakusuma, Djenal Asikin., Raden Dr. (1960). Babad Pasundan, Riwajat Kamerdikaan Bangsa Sunda Saruntagna Karadjaan Pdjadjaran Dina Taun 1580. Kujang. Bandung.
  • Winarno, F. G. (1990). Bogor Hari Esok Masa Lampau. PT. Bina Hati. Bogor.
  • Olthof, W.L. (cetakan IV 2008). Babad Tanah Jawi - mulai dari Nabi Adam sampai tahun 1647. PT. Buku Kita. Yogyakarta Bagikan.
  • A. Sobana Hardjasaputra, H.D. Bastaman, Edi S. Ekadjati, Ajip Rosidi, Wim van Zanten, Undang A. Darsa. (2004). Bupati di Priangan dan Kajian Lainnya Mengenai Budaya Sunda. Pusat Studi Sunda.
  • A. Sobana Hardjasaputra (Ed.). (2008). Sejarah Purwakarta.
  • Nina H. Lubis, Kunto Sofianto, Taufik Abdullah (pengantar), Ietje Marlina, A. Sobana Hardjasaputra, Reiza D. Dienaputra, Mumuh Muhsin Z. (2000). Sejarah Kota-kota Lama di di Jawa Barat. Alqaprint. ISBN 979-95652-4-3.

Pranala luar

Catatan kaki

  1. 1 2 "Wah, Ada Tiga Kerajaan di Kabupaten Cianjur". inilah.com. Sabtu, 9 Juli 2011 18:05 WIB. Diarsipkan dari asli tanggal 2017-11-07. Diakses tanggal 28 Agustus 2015.{{cite web}}: Parameter tidak dikenal |authors= diabaikan; Periksa nilai tanggal dalam: |date=

Lini masa Kerajaan Sunda

Templat:Kerajaan Sunda

Konten disalin dari Wikipedia Bahasa Indonesia (lisensi CC BY-SA) Lihat versi asli di Wikipedia

Rekomendasi Pilihan